settings icon
share icon
Panarosan

Narima Panghampura? Kumaha carana abdi tiasa narima panghampura ti Allah?

Jawaban


Rasul-rasul 13:38 nyatakeun, “Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa nu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus.”

Naon panghampura teh sareng kunaon abdi ngabutuhkeun panghampura?

Kecap "hampura” ngandung arti kanggo ngahapus dosa, kanggo ngahapunten, kanggo ngahapus hutang. Sawaktos urang nyien salah ka saurang nu séjén, urang ménta panghampura ti manéhna kanggo tujuan ngalereskeun deui hubungan. Panghampura dibéré sanés kusabab jelema pantes meunangkeun hampura. Teu aya saurang ogé anu pantes meunangkeun hampura. Panghampura mangrupakeun buktos dina asih, kamurahan, sareng asih kurnia. Panghampura mangrupakeun hiji kaputusan kanggo henteu nahan-nahan hal nu ngalawan jelema séjén, sanajan maranéhna atos ngalakukeun kasalahan ka anjeun.

Kitab Suci ngabéjaan urang yén urang sadayana meryogikeun panghampura ti Allah. Urang sadaya atos ngalakukeun dosa. Pandita 7:20 ngawawarkeun, “Di dunya moal aya jelema anu bener sapapanjangna teu kungsi milampah salah.” 1 Yohanes 1:8, “Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo manéh, sarta Allah teu linggih di jero haté urang.” Sadaya dosa mangrupakeun kalakuan nu ngalawan ka Allah (Jabur 51:4). Hasilna, urang bener-bener miryogikeun panghampura Allah. Lamun dosa urang teu di hampura, urang bakal ngarasakeun kasangsaraan anu teu aya ahirna akibat dosa-dosa urang (Matius 25:46; Yohanes 3:36).

Panghampura – Kumaha carana abdi meunangkeunnana?

Puji sukur, Allah maha asih sareng bageur – hoyong pisan ngahampura urang tina dosa-dosa urang! 2 Petrus 3:9 ngabéjaan urang, “....Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabéh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.” Allah hoyong ngahampura urang, kusabab eta Mantenna nyayagikeun panghampura ka urang.

Hiji-hijina hukuman kanggo dosa-dosa urang nyaeta kabinasaan. Satengah bagian mimiti tina Rum 6:23 nyatakeun, “Upahna dosa teh maot...” Kamaotan abadi eta anu jadi milik urang kusabab dosa-dosa urang. Allah, dina rarancang Mantenna nu sampurna, jadi manusa – Yesus Kristus (Yohanes 1:1,14). Yesus pupus di kai salib, nyandak hukuman anu saleresna pantes jang urang– Kamaotan. 2 Korinta 5:21 ngajarkeun urang, “Pikeun kasalametan urang, Kristus anu tanpa dosa teh ku Allah disina nanggung dosa urang, sangkan dina kasatunggalan jeung Anjeunna urang bisa diangken bener ku Allah.” Yesus pupus dina kai salib, nyandak hukuman nu saleresna pantes jang urang! Sabagai Allah, kapupusan Yesus nyayagikeun panghampura kanggo dosa-dosa sakumna dunya. 1 Yohanes 2:2 ngawawarkeun, “Memang ku karana Yesus Kristus pisan pangna dosa urang dihampura teh. Tur lain dosa urang baé, dosa sakabéh jelema ogé dihampura.” Yesus gugah tina kapupusan, nyatakeun kameunangan Anjeunna tina dosa sareng kamaotan (1 Korinta 15:1-28). Puji sukur ka Allah, tina kamaotan sareng kabangkitan Yesus Kristus, satengah bagéan kadua dina Rum 6:23 bener ayana,”...sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang.”

Anjeun hoyong dosa-dosa anjeun dihampura? Anjeun gaduh rarasaeun kasalahan anu anjeun teu tiasa ngaleupaskeunnana? Panghampura kanggo dosa-dosa anjeun tos kasadia upami anjeun nempatkeun iman anjeun ka Yesus Kristus janten Jurusalamet anjeun. Epesus 1:7 nyarios, “Sabab ku pupusna Kristus teh urang jadi leupas tina dosa, tegesna dosa-dosa urang dihampura. Maha agung rahmat Allah.” Yesus ngalunasan hutang urang, supados urang tiasa dihampura. Nu kudu dilakukeun ku anjeun nya eta nyuhunkeun Allah ngahampura anjeun liwat Yesus, percanten yén Yesus pupus kanggo mayar kana panghampura anjeun - sareng Mantenna bakal ngahampura anjeun! Yohanes 3:16-17 ngandung pesen anu hebat ieu, “Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra Tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng. Sabab Allah ngutus Putra-Na ka alam dunya teh lain pikeun ngahukum alam dunya, tapi pikeun nyalametkeun.”

Panghampura – leres sagampil eta?

Muhun emang gampil! Anjeun teu tiasa ngusahakeun kenging panghampura ti Allah. Anjeun teu tiasa mayar panghampura anjeun ti Allah. Anjeun ngan tiasa narima hampura, ku iman, liwat asih kurnia sareng kabageuran Allah. Lamun anjeun hoyong narima Yesus janten Jurusalamet anjeun sareng narima panghampura ti Allah, ieu doa anu tiasa anjeun doakeun. Ngecapkeun doa ieu atawa doa-doa nu sanés moal nyalametkeun anjeun. Ngan saukur percanten ka Yesus Kristus anu tiasa méré panghampura kana dosa-dosa. Doa ieu ngan saukur hiji cara kanggo ngungkapkeun ka Allah iman anjeun ka Mantenna sareng ngecapkeun panuhun ka Gusti kusabab atos nyayagikeun kasalametan kanggo anjeun. "Allah, Abdi terang yén Abdi gaduh dosa ka Anjeun jeung pantes kenging hukuman. Tatapi Yesus Kristus tos nanggung hukuman nu kedahna ditanggung ku abdi supados liwat iman ka Anjeunna abdi tiasa dihampura. Abdi percanten pikeun kasalametan dina jero Anjeun. Hatur nuhun kanggo asih kurnia sareng panghampura Anjeun nu matak ta’jub! Amin!”

Anjeun parantos nyieun kaputusan ka Kristus kusabab bacaan anu parantos anjeun baca di dieu? Lamun atos, tulung klik dina tombol "Abdi parantos narima Kristus poé ayeuna" dihandap ieu.

English



Balik ka home page Basa Sunda

Narima Panghampura? Kumaha carana abdi tiasa narima panghampura ti Allah?
© Copyright Got Questions Ministries