settings icon
share icon
Panarosan

Meunangkeun Hirup Langgeng?

Jawaban


Kitab Suci nuduhkeun jalan nu jelas ka hirup langgeng. Mimiti, urang kedah nyadar yén urang saparakanca atos migawé dosa ka Allah: “Kabéh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun. (Rum 3:23). Urang atos ngalakukeun sagala hal nu ngajéngkélkeun Allah, nu matak nyieun urang pantes meunangkeun hukuman. Kusabab sagala dosa urang ngalawan ka Alllah anu langgeng, ngan hukuman abadi nu pantes jang urang. “Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus Gusti urang” (Rum 6:23).

Kumaha oge, Yesus Kristus, nu teu midamel dosa (1 Petrus 2:22), Pangandika teh terus mijalma, jadi manusa (Yohanes 1:1,14) sareng pupus kanggo mayar dosa urang. “Allah nunjukeun asih-Na kanggo urang tina ieu: Kristus pupus ngaganti urang, sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa” (Rum 5:8). Yesus Kristus pupus dina kai salib (Yohanes 19:31-42), nanggung hukuman kanggo dosa-dosa urang (2 Korinta 5:21). Sanggeus tilu poe Gusti gugah tina pupusna (1 Korinta 15:1-4), ngabuktoskeun kameunangan Anjeunna tina dosa jeung kapupusan. “Puji jeung sukur kasanggakeun ka Allah, Ramana Gusti urang Yesus Kristus! Allah teh ku bawaning mikawelas geus midamel urang jadi manusa anu anyar dina hirup anu anyar, anu geus boga hiji panghareupan anu moal pareum-pareum, ku jalan Mantenna ngahirupkeun deui Yesus Kristus tina pupus-Na. (1 Petrus 1:3).

Ku iman, urang kedah ngarobih pamikiran urang kana Kristus – saha Anjeunna, naon anu parantos dilakukeun ku Anjeunna, sareng naon – maksad Anjeunna nyalametkeun (Rasul-rasul 3:19). Lamun urang nempatkeun iman urang ka Gusti, percanten kana pupus Anjeunna dina kai salib kanggo mayar dosa-dosa urang, urang saparakanca bakalan dipasihan hampura sareng narima jangji hirup langgeng di sawarga. “Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra Tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa tapi meunang hirup langgeng” (Yohanes 3:16). “Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yén Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet” (Rum 10:9). Yakin kana padamelan nu tos dianggeuskeun ku Kristus di kai salib mangrupakeun hiji-hijina jalan nu bener kanggo hirup langgeng! “Aranjeun ogé pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta. (Epesus 2:8-9).

Lamun anjeun hayang narima Yesus Kristus janten Jurusalamet anjeun, ieu conto doa na. Inget, ngecapkeun doa ieu atawa doa-doa nu sanes moal nyalametkeun anjeun. Ngan kedah percanten ka Kristus eta anu tiasa nyalametkeuan anjeun tina dosa. Doa ieu ngan saukur hiji cara kanggo ngungkapkeun ka Allah iman anjeun ka Mantenna sareng ngecapkeun panuhun ka Gusti kusabab atos nyayagikeun kasalametan kanggo anjeun. "Allah, Abdi terang yén Abdi gaduh dosa ka Anjeun jeung pantes kenging hukuman. Tatapi Yesus Kristus tos nanggung hukuman nu kedahna ditanggung ku abdi supados liwat iman ka Anjeunna abdi tiasa dihampura. Abdi percanten pikeun kasalametan dina jero Anjeun. Hatur nuhun pikeun asih kurnia sareng panghampura Anjeun nu matak ta’jub – kurnia hirup langgeng! Amin!”

Anjeun parantos nyieun kaputusan ka Kristus kusabab bacaan anu parantos anjeun baca di dieu? Lamun atos, tulung klik dina tombol "Abdi parantos narima Kristus poé ayeuna" dihandap ieu.

English



Balik ka home page Basa Sunda

Meunangkeun Hirup Langgeng?
© Copyright Got Questions Ministries