settings icon
share icon
Panarosan

Abdi nembé pisan percanten ka Yesus...ayeuna naon?

Jawaban


Salamet! Anjeun parantos nyieun kaputusan nu ngobahkeun hirup! Meureun anjeun keur nanyakeun, “Ayeuna naon? Kumaha carana abdi ngamimitian perjalanan abdi sareng Allah?” Lima léngkah nu disebutkeun dihandap ieu bakal méré anjeun pingpinan tina Kitab Suci. Lamun anjeun gaduh pertanyaan-pertanyaan dina perjalanan hirup anjeun, mangga ngalongok ka www.GotQuestions.org/Sunda.

1. Pastikeun anjeun ngartos kasalametan.

1 Yohanes 5:13 méré nyaho ka urang, “Bapa nulis ieu teh méré terang yén aranjeun geus meunangkeun hirup langgeng, da percaya ka Putra Allah.” Allah hoyong urang ngartos kasalametan. Allah hoyong urang gaduh kayakinan bener-bener terang yén urang teh tos salamet. Ringkesna, hayu urang kaji hal-hal penting tina kasalametan:

(a) Urang sadayana gaduh dosa. Kabéh geus dosa, jarauh ti Allah anu iasa nyalametkeun (Rum 3:23).

(b) Kusabab dosa urang, urang pantes kanggo dihukum ku papisah tina hirup langgeng ti Allah (Rum 6:23).

(c) Yesus pupus di na kai salib kanggo ngabayar hukuman tina dosa-dosa urang (Rum 5:8; 2 Korinta 5:21). Yesus pupus ngagantikeun urang, nyandak hukuman nu saleresna urang nu pantes meunangkeun. Kabangkitan Anjeunna ngabuktoskeun yén kapupusan Yesus tos cukup kanggo ngabayar dosa-dosa urang.

(d) Allah masihan panghampura sareng kasalametan kanggo saha waé nu percanten ka Yesus – percanten kapupusan Anjeunna kanggo bayaran tina dosa-dosa urang (Yohanes 3:16; Rum 5:1; Rum 8:1).

Eta nu dimaksud sareng pesen kasalametan! Lamun anjeun tos nempatkeun iman anjeun ka Yesus Kristus kanggo janten Jurusalamet anjeun, anjeun tos disalametkeun! Sadaya dosa anjeun tos dihampura, sareng Allah jangji moal bakalan ninggalkeun anjeun atawa ngantunkeun anjeun (Rum 8:38-39; Matius 28:20). Inget, kasalametan anjeun kajamin di jero Yesus Kristus (Yohanes 10:28-29). Lamun anjeun percanten yén Yesus teh hiji-hijina Jurusalamet anjeun, anjeun tiasa gaduh kayakinan yén anjeun bakal méakeun hirup langgeng sareng Allah di sawarga!

2. Teangan hiji garéja nu bener nu ngajarkeun Kitab Suci.

Tong mikir garéja ngan saukur bangunan. Garéja nu dimaksad nyaeta jelema-na. Hal ieu penting pisan yén jelema-jelema nu percaya ka Yesus Kristus kudu ngawangun pasobatan sareng jelema-jelema nu percaya sanesna. Eta mangrupakeun hiji tujuan utama garéja. Ayeuna kusabab anjeun tos neundeun iman anjeun di jero Yesus Kristus, urang bener-bener nganjurkeun anjeun pikeun milarian hiji garéja anu percanten ka Kitab Suci di wewengkon anjeun sareng nyarios ka pandita. Terangkeun ka anjeunna perkawis iman anjeun nu anyar di jero Yesus Kristus.

Tujuan kadua dina garéja nyaeta kanggo ngajarkeun Kitab Suci. Anjeun tiasa diajar kumaha carana nerapkeun pangajaran Allah dina hirup anjeun. Ngartos Kitab Suci mangrupakeun konci kanggo menangkeun kahirupan urang Kristen nu sukses sareng pinuh kawasa. 2 Timotius 3:16-17 nyarios, “Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngoméan kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener, supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hadé.”

Tujuan katilu tina garéja nyaeta nyembah. Nyembah nyaeta nganuhunkeun ka Allah kanggo sadaya nu atos Mantenna lakukeun! Allah parantos nyalametkeun urang. Allah mikaasih ka urang. Allah nyayagikeun kaperluan urang. Allah mingpin sareng ngarahkeun urang. Kumaha mungkin urang henteu ngucap sukur ka Mantenna? Allah eta suci, bener,mikaasih, pinuh ku rasa karunya, sareng pinuh ku anugrah. Wahyu 4:11 nyatakeun, "Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup.”

3. Atur sajaba waktos unggal dinten kanggo fokus ka Allah.

Penting pisan kanggo urang pikeun nyadiakeun waktos unggal dinten kanggo museurkeun diri ka Allah. Sababaraha jelema nyebutkeun ieu teh “waktos reureuh.” Anu sanés nyebutkeun ieu “pangabdian” kusabab ieu teh waktos dimanten urang nunjukeun pangabdian urang ka Allah. Sabagian jelema leuwih resep ngatur waktos di isuk-isuk, samentara nu séjén leuwih resep dina waktos peuting. Teu jadi masalah kumaha anjeun nyebutkeun waktos ieu atawa iraha anjeun badé ngalakukeunana. Nu penting anjeun nyadiakeun waktos sareng Allah sacara teratur. Kagiatan naon anu tiasa nyieun waktos urang sareng Allah?

(a) Doa. Doa nyaeta saukur nyarios ka Allah. Nyarios ka Allah perkawis pikiran sareng masalah anjeun. Ménta ka Allah pikeun masihan anjeun kawijaksanaan sareng bimbingan. Ménta ka Allah kanggo nyayagikeun kabutuhan anjeun. Béjakeun ka Allah sakumaha anjeun mikaasih ka Mantenna sareng sakumaha anjeun ngahargaan sadaya anu atos Allah lakukeun kanggo anjeun. Eta nu di maksad ku doa.

(b) Maca Kitab Suci. Kanggo tambahan ka pangajaran Kitab Suci anu diajarkeun di garéja, Sakola Minggu, sareng/atawa Sakola Kitab Suci – anjeun priyogi maca Kitab Suci nyalira. Kitab Suci ngandung sagala anu anjeun butuhkeun kanggo ngajalanan kahirupan Kristen anu manghasil. Kitab Suci ngandung pangarahan Allah pikeun terang kumaha nyieun kaputusan anu wijaksana, kumaha pikeun terang kahoyong Allah, kumaha carana ngalayanan jelema nu séjén, sareng kumaha kanggo janten dewasa sacara rohani. Kitab Suci teh Cariosan Allah ka urang. Kitab Suci teh mangrupakeun buku panungtun ti Allah pikeun urang terang cara hirup dina kahirupan anu nyenengkeun ka Mantenna sareng ngamuaskeun ka urang.

4. Ngabangun hubungan sareng jelema nu tiasa nulungan anjeun sacara rohani.

1 Korinta 15:33 méré nyaho ka urang, “Aranjeun ulah kabobodo: ‘Pergaulan goréng ngaruksak sipat nu hadé.’’’ Kitab Suci pinuh ku peringetan perkawis pangaruh jelema “goréng” ka urang. Méakeun waktos sareng jelema nu ngalakukeun kagiatan nu pinuh ku dosa bakalan nyebabkeun urang digoda ku kagiatan eta. Sipat jelema anu aya di sakuriling urang bakalan "némpél” ka urang. Kusabab eta penting pisan kanggo ngurilingan diri urang sorangan jeung jelema sanés anu mikaasih ka Gusti sareng nu satia ka Mantenna.

Cobian kanggo milari hiji atawa dua babaturan, contona ti garéja anjeun, anu tiasa nulung anjeun sareng ngadorong anjeun (Ibrani 3:13; 10:24). Ménta babaturan anjeun kanggo ngajaga anjeun tanggel waler dina waktos reureuh anjeun, kagiatan anjeun, jeung dina perjalanan anjeun sareng Allah. Taroskeun upami anjeun tiasa ngalakukeun hal nu sami ka maranéhna. Ieu sanes berarti anjeun kudu ngajauhan sadaya babaturan anjeun anu teu terang Gusti Yesus jadi Jurusalamet maranéhna. Teraskeun janten babaturan maranéhna jeung mikaasih maranéhna. Béjakeun ka maranéhna yén Yesus atos ngarobah hirup anjeun jeung anjeun teu tiasa deui ngalakukeun hal anu sarua siga nu anjeun tos lakukeun sateuacana. Ménta ka Allah kanggo masihan anjeun kasempatan pikeun nyaritakeun Yesus ka babaturan anjeun.

5. Di baptis.

Seeur jelema nu gaduh kasalahpahaman perkawis baptisan. Kecap "baptis” artina neuleumkeun ka jéro cai. Baptisan mangrupakeun cara di na Kitab Suci pikeun ngawawarkeun sacara umum perkawis iman anjeun nu anyar dina Kristus sareng jangji kanggo ngiring ka Anjeunna. Tindakan diteuleumkeun kana cai di umpamakeun sapertos hirup urang nu lami dikuburkeun sareng Kristus. Tindakan kaluar tina cai di gambarkeun sapertos kabangkitan Kristus. Dibaptis mangrupakeun nyaruakeun anjeun sareng kamaotan Yesus, dikubur, sareng kabangkitan Anjeunna (Rum 6:3-4).

Sanes Baptisan nu nyalametkeun anjeun. Baptisan teu tiasa ngahapus dosa-dosa anjeun. Baptisan ngan saukur hiji lengkah kataatan, ngawawarkeun sacara umum iman anjeun ka Kristus saurang kanggo menangkeun kasalametan. Baptisan penting pisan kusabab ieu teh mangrupakeun lengkah kataatan – ngawawarkeun sacara umum iman anjeun di jéro Kristus sareng jangji kasatiaan anjeun ka Anjeunna. Lamun anjeun parantos siap kanggo dibaptis, anjeun kedah nyarios ka pandita.

English



Balik ka home page Basa Sunda

Abdi nembé pisan percanten ka Yesus...ayeuna naon?
© Copyright Got Questions Ministries