settings icon
share icon
Panarosan

Naon ari rarancang kasalametan / jalan kasalametan teh?

Jawaban


Anjeun lapar? Sanes lapar ngeunaan jasmani, tapi anjeun pernah ngaraos lapar kana sesuatu nu leuwih di kahirupan? Aya teu sesuatu dina jero haté anjeun nu sigana teu acan pernah dipuaskeun? Lamun aya, Yesus mangrupakeun jalanna! Saur Yesus, “Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui” (Yohanes 6:35).

Anjeun bingung? Anjeun sigana teu tiasa manggihan jalan atawa maksad dina kahirupan? Ieu sapertos siga aya saurang anu mareuman lampu jeung anjeun teu tiasa manggihan kenopna? Lamun kitu, Yesus mangrupakeun jalanna! Yesus nyatakeun, “Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poék, sabab ngabogaan caang kahirupan.” (Yohanes 8:12).

Anjeun pernah ngaraos jalan kahirupan asa katutup kanggo anjeun? Anjeun pernah nyobian seeur panto, ngan saukur manggihan yén nu dibalik eta kosong sareng teu aya artina? Anjeun milari panto kanggo asup kana hirup anu sampurna? Lamun kitu, Yesus mangrupakeun jalanna! Yesus nyatakeun, “Nya Kami lawangna. Anu asupna ti kami tangtu salamet, jeung bisa asup atawa kaluar ka sampalan” (Yohanes 10:9).

Pernah teu jelema sanés salawasna nyieun anjeun kuciwa? Pernah teu hubungan anjeun jadi déét sareng kosong? Katingalina unggal jelema nyoba nyandak kauntungan ti anjeun? Lamun kitu, Yesus mangrupakeun jalanna! Saur Yesus, “kami teh ibarat pangangon anu bumela. Anu daék bela pati ka domba-dombana. Kami teh lir pangangon anu bumela. Sakumaha Rama kenal ka Kami, Kami kenal ka Rama, Kami wawuh ka domba-domba Kami, nya kitu deui domba-domba Kami ogé wawuheun ka Kami” (Yohanes 10:11, 14).

Anjeun hayang nyaho naon anu bakal kajantenan sanggeus kahirupan ieu? Anjeun capé teu ngalakonan kahirupan anjeun kanggo hal anu goreng atawa teu kapelihara? Pernah teu anjeun kadang-kadang teu yakin yén kahirupan gaduh arti? Anjeun hoyong hirup saatos anjeun maot? Lamun kitu, Yesus mangrupakeun jalanna! Waler Yesus, “ Kami ieu teh anu ngahudangkeun jeung anu nghirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot; jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salawasna moal paéh” (Yohanes 11:25-26).

Naon jalanna? Naon anu disebut kayaktian teh? Naon anu disebut kahirupan teh? Waler Yesus, “ Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Moal aya nu bisa datang ka Rama lamun henteu ku jalan Kami” (Yohanes 14:6).

Lapar anu anjeun rasakeun nyaeta lapar rohani, jeung cuman tiasa dipinuhan ku Yesus. Yesus hiji-hijina anu tiasa ngangkat kapoékan. Yesus mangrupakeun panto kana hirup nu kacukupan. Yesus eta sobat sareng pangangon anu anjeun keur pilari. Yesus nyaeta kahirupan—di dunya sareng ahérat. Yesus eta jalan kasalametan!

Alesan anjeun ngaraos lapar, alesan anjeun sigana leungit dina kapoékan, alesan anjeun teu tiasa manggihan harti dina kahirupan, nyaeta kusabab anjeun dipisahkeun ti Allah. Kitab Suci masihan terang ka urang yén urang sadaya geus dosa, sareng saterusna papisah ti Allah (Pandita 7:20; Rum 3:23). Kakosongan anu anjeun rasakeun di jero haté anjeun mangrupakeun kaleungitan Allah ti hirup anjeun. Urang diciptakeun kanggo gaduh hubungan sareng Allah. Kusabab dosa urang, urang janten papisah tina hubungan eta. Goréngna deui, dosa urang nyababkeun urang papisah ti Allah salilana, dina kahirupan ayeuna jeung kahirupan nu engké (Rum 6:23; Yohanes 3:36).

Kumaha carana masalah ieu tiasa di pecahkeun? Yesus Jalanna! Yesus nyandak dosa urang kanggo Anjeunna (2 Korinta 5:21). Yesus pupus ngagantikeun urang (Rum 5:8), nanggung hukuman anu saleresna urang pantes tarima. Tilu poé saatosna, Yesus gugah tina kapupusan, ngabuktoskeun kamenangan Anjeunna tina dosa sareng kapupusan (Rum 6:4-5). Kunaon Anjeunna ngalakukeun eta? Yesus ngajawab patarosan eta ku Anjeunna: “Kanyaah nu panggedéna ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nyaeta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana” (Yohanes 15:13). Yesus pupus supados urang tiasa hirup. Lamun urang nempatkeun iman urang dina Yesus, percanten kana kamaotan Anjeunna kanggo mayar dosa-dosa urang, sadaya dosa urang dihampura jeung dihapuskeun. Saatos eta rasa kalaparan rohani urang bakalan dipuaskeun. Cahya bakal dicaangkeun deui. Urang bakalan gaduh jalan asup kana hirup kacukupan. Urang bakalan terang sobat sajati urang sareng pangangon nu bageur. Urang bakalan terang yén urang bakal gaduh hirup saatos urang maot—kahirupan nu dibangkitkeun di sawarga salilana sareng Yesus!

“Karena kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra Tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng” (Yohanes 3:16).

Anjeun parantos nyieun kaputusan ka Kristus kusabab bacaan anu parantos anjeun baca di dieu? Lamun atos, tulung klik dina tombol "Abdi parantos narima Kristus poé ayeuna" dihandap ieu.

English



Balik ka home page Basa Sunda

Naon ari rarancang kasalametan / jalan kasalametan teh?
© Copyright Got Questions Ministries