settings icon
share icon
Panarosan

Allah teh aya? Naon buktosna yén Allah teh aya?

Jawaban


Aya henteuna Allah teu tiasa dibuktoskan atawa teu tiasa disangkal. Kitab Suci nyebutkeun yén urang kudu narima ku iman kanyataan yén Allah teh aya: “Anu dipikirna teh lemah cai anu leuwih pikasenangeun, lemah cai di sawarga. Ku sabab kitu Allah henteu ngaraos lingsem dipi-Allah ku aranjeunna, sabab Allah geus nyadiakeun tempat pikeun aranjeunna” (Ibrani 11:16). Lamun Allah hoyong, Mantenna tiasa langsung muncul jeung ngabuktoskeun ka sakabeh dunya yén Mantenna aya. Tapi lamun Mantenna ngalakukeun eta, moal diperlukan iman deui. “Pilahir Yesus ka Tomas, ‘Manéh percaya da geus nenjo Kami, nya? Bagja kacida anu percaya sanajan teu kungsi nenjo heula ka Kami!’” (Yohanes 20:29).

Tapina, eta henteu berarti teu aya buktos ayana Allah. Kitab Suci nyebatkeun, “Ku bengras langit ngebrehkeun kamulyaan Allah! Ku cekas eta teh nembongkeun karya Mantenna! Poe nu ieu nepikeun hal eta ka poe isuk, peuting nu ayeuna nyaritakeun hal eta ka peuting nu engké. Taya ucap taya kecap anu dipaké, taya sora nu kadéngé; Tapi amanahna parat ka saampar jagat, aweuhanana kadéngé tepi ka tungtung bumi” (Jabur 19:1-4). Tingali bentang-bentang, cobian ngartosan gedena alam samesta, perhatikeun kaajaiban alam, tingali kaalusan surupna panonpoe – sagala hal ieu nuduhkeun ayana Allah nu Nyiptakeun. Lamun ieu teu cukup, aya deui buktos ayana Allah dina hate urang saparakanca. Pandita 3:11 ngabéjaan urang, “...Urang ku Mantenna dipaparin hate panasaran hayang nyaho kana perkara nu tacan datang.” Dina jero hate urang aya rarasaeun yén aya sasuatu nu leuwih dina hirup ieu jeung aya saurang anu leuwih dina dunya ieu. Urang tiasa nyangkalan kanyaho ieu ku kapinteran akal, tapi kahadiran Allah di jero urang sareng di sakuriling urang masih keneh nyata. Sanajan ieu, Kitab suci ngingetkeun yén sabagian jelema bakal nyangkal ayana Allah: “Ceuk anggapan nu garejul mah, ‘Allah teh euweuh’” (Jabur 14:1). Kusabab panglobana manusa dina sepanjang sajarah, dina sagala budaya, dina sagala paradaban, sareng dina sagala banua percanten ka ayana sajenis Allah, pasti kedah aya sesuatu (atawa saurang) nu nyebabkeun kapercayaan ieu.

Kanggo tambihan kana alesan-alesan nu berdasarkeun kitab suci tentang ayana Allah, aya deui alesan-alesan anu asup diakal. Mimiti, aya alesan ontologikal (elmu anu ngajarkeun filosofi perkawis mahluk, kaayaan, atawa kanyataan sacara umum). Bentuk nu paling populer tina alesan ontologikal ngagunakeun konsep Allah kanggo ngabuktoskeun ayana Allah. Ieu dimimitian tina panjelasan perkawis Allah nyaeta “ mahluk anu teu tiasa dipikirkeun hebatna.” Ieu janten diperdebatkeun yén anu aya leuwih hebat dibandingkeun sareng nu teu aya, ku sabab kitu mahluk nu hebatna tiasa dipikirkeun pastina aya. Lamun Allah teu aya, teras Allah moal janten mahluk nu pang hebatna nu tiasa dipikirkeun, jeung eta bakal beda pisan sareng panjelasan perkawis Allah.

Alesan kadua nyaeta alesan teologikal. Alesan tina segi teologi nyebutkeun yén kusabab alam samesta mintonkeun rarancang anu ta’jub, pasti aya saurang nu agung Anu Ngarancang. Kanggo conto, lamun Dunya sabaraha ratus kilometer leuwih dekeut atawa leuwih jauh deui tina panon poe, dunya ieu moal sanggup ngadukung kahirupan jiga anu ayeuna aya. Lamun unsur-unsur dina atmospir urang béda saeutik persen deui, ampir sadaya anu hirup di dunya bakal pupus. Kamungkinan salah sahiji molekul protein disusun sacara kaleresan nyaeta 1 tina 10243 (nyaeta 10 diiringan ku 243 enol). Hiji sel mangrupakeun gabungan tina jutaan molekul-molekul protein.

Alesan katilu nu asup akal pikeun ayana Allah nyaeta nu di sebut alesan kosmologikal. Kabeh akibat kedah aya sababna. Alam samesta sareng sagala anu aya di jerona mangrupakeun salah sahiji akibat. Kedah aya sasuatu nu nyababkeun sadayana jadi aya. Ahirna, kedah aya sesuatu “anu teu disababkeun” lamun badé nyieun sadayana jadi aya. Panyabab anu “Teu disababkeun” nyaeta Allah.

Alesan ka opat dikenal sabagai alesan moral. Kabeh kabudayaan dina sajarah atos gaduh sababaraha bentuk hukum. Unggal jelema gaduh rarasaeun antara bener sareng salah. Pambunuhan, kabohongan, maling, ngalanggar susila kabéhanana dianggep salah disakabéh kabudayaan. Timana rarasaan bener sareng salah ieu datang lamun sanes ti Roh Suci?

Sanajan sakabéh ieu, Kitab Suci masihan terang ka urang yén jelema-jelema bakalan nolak kanyaho perkawis Allah anu tos jelas sareng teu bisa disangkal ieu malihan percanten kana kabohongan. Rum 1:25 nyatakeun, “Hal Allah nu sayaktina diganti ku hal anu bohong; nyarembah jeung ngabaraktina teh kana ciciptaan Allah, lain ka Allah ku manten anu nyiptakeunana, anu layak dipuji salalanggengna. Amin!” Kitab Suci oge ngembarkeun yen jelema teu aya alesan kanggo teu percanten ka Allah: “Ti barang Allah ngajadikeun alam dunya oge kaayaan Allah anu gaib, nya eta kakawasaana-Na anu langgeng jeung sipat Allahna, geus atra tetela ka manusa dina saniskara hasil ciptaana-Na. Ku hal eta manusa teh geus moal bisa nyebut can nyaho” (Rum 1:20).

Jelema nungtut kanggo ngahapus ayana Allah kusabab ieu “teu ilmiah” atawa "kusabab teu aya buktos." Alesan nu sabenerna mah nyaeta sakali maranéhna ngaku yén Allah teh aya, maranéhna oge kudu sadar yén maranehna kabéh geus dosa jeung butuh panghampura tina Mantenna (Rum 3:23, 6:23). Lamun Allah aya, teras urang tanggelwaler ka Gusti dina kalakuan urang. Lamun Allah teu aya, teras urang tiasa ngalakukeun sakarep urang teu kedah matak hariwang Allah ngahakiman urang. Nu matak kunaon kalobaan jelema nu nyangkal kaayaan Allah kiat napel kana téori élmu évolusi alam—sadayana ieu mikeun maranéhna piliheun nu séjén tina percanten ka nu Allah Nu Nyiptakeun. Allah aya jeung ahirna unggal jalmi terang yén Mantenna aya. Paktana yén sababaraha jelema nyoba leuwih giat jang nyangkal kaayaan Mantenna malihan mangrupakeun hiji alesan kaayaan Mantenna.

Kumaha carana urang terang yén Allah téh aya? Sabagai Umat Kristen, urang terang Allah aya kusabab urang ngadoa ka Mantenna unggal dinten. Urang teu tiasa ngadangu Mantenna nyarios langsung ka urang, tapi urang tiasa ngarasakeun kahadirana-Na, urang ngarasakeun pingpinana—Na, urang sarerea terang deudeuh-Na, urang kahayang kana asih kurnia-Na. Kajadian anu terjadi dina kahirupan urang anu teu aya panjelasan nu mungkin salain ti Allah. Allah atos nyalametkeun urang sacara ajaib sareng ngubahkeun hirup urang mangkana urang teu bisa nahan kanggo ngaku jeung muji kaayaan Mantenna. Teu aya dina alesan-alesan ieu nu tiasa mangaruhan saha wae pikeun nolak kanggo ngakuan anu parantos pasti. Ahirna, kaayaan Allah kedah ditampi ku iman (Ibrani 11:6). Iman ka Allah sanés jiga luncat teu pararuguh ka nu poék; ieu mangrupakeun léngkah anu aman ka ruangan nu caang dimanten atos seeur jalmi anu parantos aya di jérona.

English



Balik ka home page Basa Sunda

Allah teh aya? Naon buktosna yén Allah teh aya?
© Copyright Got Questions Ministries